Monday, February 24, 2014

Gatotkaca Gandrung

Puisi Sunda Jamparing2

Godi Suwarna

Geuning anjeung ngalanglayung

Basa aya panah Ratih

Parat niruk hulu kalbu

 

Basa anjeun kumalayang

Keur ngalanglang layung kuning

Sukma horéng humarurung

Micangcam kembang katineung

 

Nya anjeun lalaki langit

Nyangsaya di Jomantara

Nunguan bulan rumekah

Diayun-ambing galindeng Asmarandana

 

Ayun ambing indung peuting, ayun ambing

Ngayun-ambing lalanang jagat nu gandrung

Ayun ambing bulan kuning, ayun ambing

Ngayun-ambing nu mitineung imut kembang

 

Hibar bulan! Hibar peuting! Hibar jagat!

Tapi rasa geuning bet dikepung peteng

Raga nu cenah digjaya, dulur

Rangsak teu sakara-kara!

Puisi Sunda Gatotkaca Gandrung Puisi Sunda Gatotkaca Gandrung2

No comments:

ANTUSIASNYA WARGA KAWALI PADA TABLIGH AKBAR USTADZ EVIE EFFENDI

Antusiasnya Warga Kawali dalam mengikuti tabligh akbar yang disampaikan oleh Ustadz Evie Effendi terlihat nyata Tanggal 26 Februari 202...