Wednesday, March 5, 2014

Naskah Drama Sunda

 

Naskah Drama Sunda3

Bagi anda yang suka bermain peran, pada postingan kali ini Corner 23 kembali berbagi dengan anda salah-satu contoh naskah drama berbahasa Sunda untuk anda perankan atau mungkin hanya sekedar menjadi ide bagi anda yang suka menulis naskah drama

Naskah Drama SaNurI

 

Tokoh :

H.Zaenal           :    Iyan Mulyana

Hj. Aminah       :    Lia Lutfiani

H. Muhidin       :    Andri

Mahmud            :    Fajar

Fahri                  :    Iyan Sofyan

Rumanah           :    Risha SS.

Ruminah            :    Mia najmiatul M

Ceu Enok          :    Nunung Nurjanah

Piguran              :    -    Ibu 1 Sarah

-       Ibu 2 Rita

-       Ibu 3 Silvia

 

Judul               : Antara langit jeung Bumi

 

Kacaritakeun di hiji kampong, Aya hiji keluarga, anu pang kasohorna. nyaeta keluarga H. Zaenal Mutaqin jalmina sopan, sholeh, bijaksana jeung sabar istrina Hj. Aminah anu sholehah ,bageur jeung ramah ka tatangga. H. zaenal gaduh 2 budak istri anu kembar namina Rumanah jeung Ruminah. Ruminah jalmina keras kepala, sombong jeung sok ngalawan, Rumanah jalmina sholehah, pinter, ramah, jeung patuh. Dina hiji poe pak haji rek miwarang

Ruminah balanja ka pasar lantaran bu Hajina udur.

 

Pak haji     : Ruminah..... Ruminah, dieu nak rek miwarang sakedap (bari                        nyandak artos tina dompetna)

Ruminah   : aya naon atuh abah? rek nitah naon? (rada ambek sabab keur resep bbm-an)

Pak haji     : ieu, ambu teh teu damang, rek miwarang ka pasar.

Ruminah   : ah hoream bah, pan  hujan lagi  becek, jaba kudu kana ojek kumaha lamun Ruminah di keleketek  ku tukang ojek? mikir dong bahhh. (bari lebet deui ka kamerna)

Pak haji     : ya allah, ari budak abi anu hiji ieu hese-hese teuing diatur, mugi-mugi gusti ngaleleskeun hatena, amin.  Rum… kadie sakedap !

Rumanah  : muhun abah, aya peryogi naon? (bari kaluar ti kamarna)

Pak haji     : ieu rek miwarang ka pasar, kersa? ieu artosna sareng bon balanjana. (bari ngasongkeun artos + bon)

Rumanah  : oh mangga abah, permios helanya bah.

Pak haji     : nya sok atuh, kahadenya titidije

Rumanah  : abah, ari titidije teh penyanyi sanes?

Pak haji     : sanes, ari titidije teh hati hati di jalan…

Rumanah  : ohh gaul oge nya abah ku .

                     ABG tua…. Jengjreng

 

Teu lila bu haji kaluar ti kamarna bari batuk jeung disuiter kandel, nyampeurkeun pak haji anu calik di korsi payun.

 

Bu haji       : abah, kusaha tadi kapasarna? (bari calikna korsi)

Pak haji     : dijawab iye teh ambu?

Bu haji       : henteu di baledogkeun

Pak haji     : ku rumanah, da Ruminah mah kalah ambek.

Bu haji       : ya allah, naha rek dugi ka iraha Ruminah kitu wae, karunya ka Rumanah, beda pisan budakteh.

           

Pas keur ngobrol bu haji + pak haji, datang Haji Muhidin anu kasohor ku celetukanana.

 

H. Muhidin  : assalamu’alaikum

Bu Hj+H      : wa’alaikum salam pak haji, mangga linggih.

H. muhidin  : nya (tuluy calik) kumaha ji kabarna ?

H. Zenal       : alhamdulillah sae, mung pun bojo teu raraoseun, pak haji salira damang ?

H. Muhidin  : nya cager atuh tempo ku sorangan? kieu ji langsung wae, urang salaku ketua rt + haji 2 kali ngarasa teu ngenah, aya warga anu mere beja yen anakna haji Zenal si ruminah keur arulin di tempat karoke jam 10 peuting kamari (bari rada ambek)

H. Zenal       : ya allah ji, sumpah nage kuring mah teu apal kajadian eta.

H. Muhidin  : tah matak anu boga budak perhatikeun atuh. (sinis)

H. Zenal       : astagfirullah ……………… Rumi…rumi   ….kaluar hela !

Ruminah     : naon deui atuh abah ? (bari kaluar)

H. Zenal       : kadieu diuk didieu! (nuduhkeun tempat calik) abah rek nanya, bener teu basa peting kamari  arulin jeung babaturan jam 10 peuting ?

 

Ruminah     : ah hente bah cek saha ? ru ru mi…rumi…mah pan ka pangaosan cek teh (ngabohong )

H. Zenal       : abah ge terang cek pak haji tah.

H. Muhidin  : geus tong loba alesan rumi ! budak leutik ges di ajar bangor ( nyindir )

H. Zenal       : abah mah teu ikhlas, kulawarga abah di kokotoran ku akhlak kitu teh (semu ambek)

           

Teu lila rumanah balik ti pasar.

Rumanah    : assalamu’alaikum (bari lebet ka bumi)

H. Muhidin  : tah boa-boa anu ieu oge tas ulin nya? Hujan-hujan kieu jaba parawan keluyuran wae, na kumaha ji ente ngumbar wae ka budak teh!

H. Zenal       : Rumanah mah tos ti pasar, tos balanja ji, tong waka buruk sangka heula. (Rumanah ka dapur )

H. Muhidin  : pamit lah ji, panas! hawa didieu mah. Assalamu’alaikum………

 

Tuluy datang Mahmud jeung Fahri, Mahmud teh  mamangna Rumanah jeung Ruminah, maksudna rek ngabejakeun  lalaki anu rek dijodokeun ka Rumanah, nyaeta Fahri.

 

Mahmud      : assalamu’alaikum….kang ieu abdi datang (bari ngabenyeng tangan fahri)

H.zenal         : waalaikumsalam…sok atuh calik mud jang !, kela, rumanah…..nyandak cai aya tamu.!

Rumanah    : oh  muhun abah (bari nyiapkeun cai)

H. zenal        : jang fahri, kumaha ayeuna padamelan teh ?

Fahri            : alhamdulillah bah lancar, ayeuna mah atos langkung luas penyebaran barangna bah.

H. Zenal       : alhadulillah, mugi-mugi tambih sukses sareng berkah nya! amin…

Fahri            : amin…

Mahmud      : salianti pengusaha, Fahri teh santri ti mimiti sakola sanawiyah nepi ka kuliah bari masantren kang. Uuh…hebat….

H. Zenal       :  Syukur atuh.Alhamdulilah

           

Rumi kaluar ti kamerna, rada ngajenghok pas ningali Fahri…………….

 

Ruminah     : Ya allah eta teh jalmi ta malaikat? (bari olohok) meni siga Syahruhkhan keur ngora!

 

            Tuluy datang Rumanah

 

Rumanah    : Punten abah ieu cai na……..mangga di leueut. (bari nyodorken cai)

Mahmud      : Lah ngarepotken rum……

H. zenal        : Rumi calik didie tah.(nuduhkeun tempat calik)

Ruminah     : (ngaharewos) abah eta teh saha?

H. zenal        : eta teh calon salaki na ruma..

Rumi            : (rada panik) naon ih teu level jeung si ruma mah, na ari abah! Ruma mah kudu kanu biasa wae, eta mah terlalu luar biasa atuh cocok nage jeung rumi ieu mah …

H. zenal        : Hus lah... tong kitu (nanya ka ruma) kumaha ruma siap janten ka kang Fahri?

Rumanah    : insyaAlloh bah…

           

Tuluy datang bu haji bari mawa kueh jsb

 

Bu Haji        : eh jang Fahri, damang? (bari salam)

Fahri            : alhamdulilah ambu, sawangsulna ?

Bu haji         : alhamdulilah ambu ge sae, mung ayena mah  te patos raraos badan..

Fahri            : sing enggal damang wae nya ambu.

Bu hj            : muhun hatur nuhun jang… sok atuh di le’eut

 

BABAK 2

 

            Hiji poe rumi dipiwarang ka warung, pas diwarung aya ibu-ibu ker ngobrol keun rumi.

 

Ibu 1            : da enya si rumi mah kitu ceu, teu kawas neng ruma, bager neng ruma mah (bari milihan dagangan)

Ce enok       : sangkilang kembar ahlak nanamah siga langit jeung bumi euy… meni beda jauh

Ibu 2            : puguh ge karunya ka pa haji jeung bu hajina (tuluy rumi datang)

Rumi            : Ehem…

Ce enok       : eh, neng rumi, balanja neng?

Rumi            : na ari eceu! nya enya atuh rek balanja maenya rek demo mah, sok araraneh (bari milihan dagangan)

Ibu 3            : jih……………..si kuluneng mah sok waka ambek bisi tereh kolot! (rada ambek)

Rumi            : E…………..MASBULOH, EMANG MASALAH BUAT LOOOO…., Nu kolot saha? Eceu kitu, pan lain!, sok pipiluen kana urusan batur. Ce ieu  sabarahaen?

Ceu enok     : naon wae eta teh neng bager soleh pinter !...

Rumi            : alah gandeng ceu… sok jujur pisan. Yeh iye kalapa 1, daun sampe 5 bengket, cikur satengah kilo, uyah 4 gandu, tarasi saparapat.

Ce enok       : 15.000,00 eun neng, na bade ngadamel naon?

Rumi            : (bari masihkeun artos) yeh ceu! Rek nyieun urab jeung si abah (bari ngaleos)

Ibu 1            : ih budak teh kitu san, jaba maenya nyien urab ni loba san sambarana….

Ce enok       : geus, ieu teh warung lain tempat ngagosip, lain insert lain silet… sok ek balanja naon…………?

Ibu 3            : ieu teh 5 rebuen  nya ceu?

Ce enok       : nya lah sok diekeun wang keresekan!

 

BABAK 3

 

Hiji poe haji Zaenal udur parah, dugi ka lebet ka rumah sakit. Tapi, haji Zaenal hoyong dirawat di bumi. teras uwih deui ka bumina.

 

Bu haji         : Ruma, beres keun kamar abah nya ! (bari mayang haji Zaenal)

 

            Ruma beberes di kamer pa haji terus pa haji kulem (bari nyauran rumi.)

 

Pa haji         : rumi dieu gera sareng ambu sareng ruma.

Rumi            : naon bah? (bari calik caket ranjang abah na).

Pa Haji         : kieu nya, bisi abah dipundut kunu kawasa, abah nitip jaga diri, jaga iman, jeung rukun jeung baraya. abah ngarasa can bisa jadi imam anu sae, pikeun kulawarga abah.

Bu haji         : Insya allah abah, naha abah nyaur kitu? abah mah pasti janten imam anu sae.

Ruma           : abah pasti damang, pasti bah! sareng abah tos janten Rama anu sae kanggo ruma, dan rumi…..

Rumi            : Abah… abah bade ngahampunten rumi? rumi teh sok nganyenyeri abah, sok ngingisinken abah, rumi tos janten anak anu durhaka bahhhhh…..

Abah            : dihapunten pisan  sadayana oge ku abah……

 

Teu lami Abah ngucapken syahadat terus uih kanu kawasa.

  

Umi,Ruma,Rumi : Abah……. Abah…... ieu teh kunaon? (bari nangis)

 

Tuluy dongkap haji Muhidin Mahmud + Fahri

 

H. Muhidin  : yaa Allah ji…. Ji….. (bari ngoyag ngoyag kasurna) hampura ji…..sok salah wae ka anjen …….duh gustiii

Mahmud      : Innalillahi….. yaa allah mugi mugi ditampi sadaya amal ibadahna..

Fahri            : Amiiiinn…. Yaa Allah. Mugi mugi wafat dina ka ayaan Husnul hotimah. (bari terus nyamperken bu haji, rumi, ruma

Fahri            : Umi, tabah nya sabar, nya de ruma, rumi

Bu Haji        : Hatur nuhun jang… (bari nangis)

           

Dinten eta suasana saredih, bari hujan ngaruy jeung sengit wawangian.

 

Amanat : jadi urang kudu sabar dina ngalakonanan kahirupan, ulah adigung jeung buruk sangka, jeung kudu inget yen urang teh milik allah, nu bakal dicandak deui ku allah…….

 

No comments:

ANTUSIASNYA WARGA KAWALI PADA TABLIGH AKBAR USTADZ EVIE EFFENDI

Antusiasnya Warga Kawali dalam mengikuti tabligh akbar yang disampaikan oleh Ustadz Evie Effendi terlihat nyata Tanggal 26 Februari 202...